Selasa, Mei 26

Kisah Karsih di Sakola


Ceuk batur, mung uing direndengkeun jeung Dian Sastro cenah kawas beubeulahan terong. Tapi aya oge nu ngomong mirip Bella Saphira, atuh ceuk sawareh deui uing teh leuwih mirip bentang sinetron kawin gantung Nathalie Sarah. Ah mana nu bener ieu teh? Keun we , matak disangka mirip artis ge meureun uing teh geulis. Paingan atuh saban aya lalaki teu kolotna teu budakna teu aki-akina sok marelong wae ka uing. Malahan guru olahraga uing pa' Somad song olohok lamun uing keur make kaos jeung calana trening teh, kitu deui pa Kardi guru matematika, tara ieuh nyarekan mun uing teu ngerjakeun peerna, malahan sabalikna sok mere pijawabeunana. Ah boa boa naksir ka uing, tapi maenya aya guru bogoh ka murid.

Bodi okeh, panampilan okeh tapi naha ngaran uing bet Karsih, teu mecing teuing jeung teu gaul. Heueuh nu kitu tea mah bapa uing, mere ngaran budak teh jangji jle wae, cik atuh mere ngaran teh nu rada komersil Desi, Dona, atawa Euis aya saleuheung. Teu kabayang mun engke lulus ti SMEA, heug ngalamar gawe jadi sekertaris. Kira kira ditarima kitu jadi sekertaris?

Keun wae, da ceuk mang Shakespir ge, cenah apa arti sebuah nama, batur ge aya nu ngarana Casingkem geuning teu disangka sangka bisa sasalaman jeung ibu persiden tur naek pasawat ti Riyad ka Jakarta kalayan haratis. Sabalikna nu ngarana hade, tingkah polahna loba nu teu hade malah unggal poe jadi tontonan batur di acara Buser, Patroli, jeung Sergap. Mun seug uing siga kitu, mana teuing pada ngajejelehna. Teu jauh ti ngaran Karsih. "Karsih-Karsih.... karsihan deh luh !" Kitu meureun sing kecewisna batur.

Kawas geus diatur tidituna, nurubcupu deuih boga kabogoh teh ngarana Dudun, najan ngarana teu sakeren Thomas Djhorgy, tapi tagogna mah beda ipislah jeung Anjasmara mah. Malah sok seuri sorangan ngaran papanjangna teh sarua deuih, ari uing Karsih Setiawati ari kabogoh uing mah Dudun Setiawan. Enya sarua tipe satia. Buktina basa Aa Dudun ngajak nyalingker heula kapipir wc sakola, uing teh teu nolak da bakating ku satia tea. Teu pira di pipir wc teh, ngan ukur titah ngadengekeun manehna ngahariring laguna Obbie Mesakh, nu kawas kieu tea geuning.
" Kisah Karsih di sekolah tak kan terlupa...tiada kisah paling indah kisah Karsih di sekolah..tiada kisah paling indah kisah Karsih di sekolah !"
Nya kuing teh dialokan kawas kieu.
" Malu aku malu pada semut merah, yang berbaris didinding, seakan curiga, sedang apa disana? Sedang ngabuburit jawabku!"

Harianeun kabogoh teh, batur mah ngajak ngabuburit teh ka mol, ieu mah ngajak nyalingker kapipir wc sakola. Kumaha mun geus dur bedug magrib, heug euweuh jeung ngabatalan, ari pokna teh ngagampangkeun pisan.
" Gampang atuh urang silih cabut bulu irung we !"
Puguh irung uing mah tibaheula ge euweuh buluan, kitu deui bulu sejenna can jadi. Teu percaya ? Pek we toong mun uing keur mandi ! Bit ketah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger