Selasa, Mei 26

Sarua Gejulna


Beus ngarandeg sakeudeung dipalebah pintu tol Bekasi Timur, supirna ngarawel gado panjaga tol, eh kartu tol , terus ngadius deui nuju ka wetankeun, sora mesinna ngagaur handaruan. Najan sora mesin matak rawing daun ceuli,tapi bubuhan jalanna lempeng tur rata sarta banna buleud teu burung Kohir ngaguher sare tur nganjang ka alam pangimpian. Keur ngeunah ngeunah ngaguher, gurubug Kohir ngalilir lantaran ramo kenek anu keusrak tur koromod ku oli, noel kana taktakna bari pok nanya. " Medang ?" Kohir ngan ukur unggeuk, hatena mentegeg ambek lantaran keur ngeunah ngeunah ngimpi duet jeung Ira Swara dina acara sang bintang, ngadadak kapotong. "Jadol...kaya kieu mah teu meunang dewek senang yeuh, cik atuh sabar ari menta ongkos teh, da dewek ge moal kamana mana !"Kohir ngagerentes bari ngusiwel ngodok duit tina dompetna, song diasongkeun. "Sajalmi ?" pokna deui bari ngareret kanu gigireun. "Muhun !" Tembal Kohir bari pipilueun ngareret. Karek sidikeun yen batur sabangkuna teh awewe, rupana enya geulis da awewe ngan teu sangolenyay Bella Saphira. " Lakadala lumayan eung aya heureuy heureuyaneun !" Kohir ngadadak kumetap. Dasar lalaki teu kaop aya nu herang sok lat poho kanu belewuk , padahal balik kalembur teh ngahaja nek ngalongok "mawar bodas" anu geus lila tara diteang.

"Aya ku cua eta kenek abong ka awewe menta ongkos ge meuni ngahaja dililakeun !" hatena noroweco. Asa teu gugur teu angin, basa kenek jeung nu gigireunana semu nu otel, hatena ngadadak nyongkab panas, padahal kabogohna lain,wawuh ge encan, ngan ukur batur sabangku. " Na jadi timburu kuda kieu aing teh, keur lieur kitu ?" bari gap kana tarangna. "Naha da tiis geuning!"

Cibitung, Cikarang ngan sajorelat kaliwat, sajongjongan Kohir ngahuleng, dina hatena nyangkaruk dua pilihan, naha mending nuluykeun ngaguher deui bari susuganan Ira Swara daekeun diajak duet deui, atawa mending ngoconan anu gigireun. Bet asa kaparengan deuih , pitunduheunana ngadadak leungit, teuing ngorolos kamana. " Nyalira ?" Kohir mimiti muka obrolan. "Iyaaaah!" jawabna, sorana halimpu persis sora sang operator party line anu keur on air. "Bade ka Sumedang ?" Sora Kohir rada dilentongkeun " Iyaaah !" jawabna deui. " Sumedangna palih mana ?" Kohir beuki panasaran. "Tahu nggak gunung Tampomas ?" manehna malah malik nanya. Hag siah naha geuning ngomongna bet letter "B" mamalayuan sagala. "Kantenan atuh terang mah, pan sakitu ngajegrigna !"Kohir heran naha ditanya alamat bet jor jor ka Tampomas sagala. "Kalo tau.... kampung sayah enam puluh kilo meter dari situh !"pokna deui.
" Kearah mana atas atawa bawah ?" ceuk Kohir, kawas embung kasaing gejulna.
"Yah pokonya dua kali naek angkot dari situh !"
" Oh..pasti nami lemburna Cibiuk nya ?" Kohir nyoba nyoba nebak bari jeung asal asalan.
" Geuning terang ...muhun eta Ci..ci..biuk !" Ngajawab bari jeung semu nu era pedah kanyahoan ngaran lemburna.
" Sikasebelan mun titatadi ngomong teh, ieu mah bet mamalayuan sagala, matak rabeng tai ceuli !" Kohir ngagerentes deui.

Ari dibarengan ku ngobrol mah teu karasa beus teh geus nepi ka tungtung tol. " Kopo kampeeek abisss !"kenek kadenge ngagorowok bari ngetrekkeun duit kencring kana panto. Panumpang anu nek turun paheula heula tuturubun, sabalikna padagang asongan malah paheula heula naek, atuh jadi padedet dilawang panto, antukna silih dupak jeung silih seging.
" Punten nepangkeun abdi Kohir Jumadirangkir bin Sukinta, rerencangan sok nyebat ka abdi Jeffry !" ceuk Kohir pedah titatadi ngobrol can ngawanohkeun ngaran.
" Oh sami abdi ge nepangkeun nami abdi Odah Saodah Warohmah Mawadah binti Sumpena, asli ti Cibiuk, tong asa asa sebat wae abdi Sandra !"
" Ari di Batawina damel ?" Kohir tetelepek
" Sadamel damel di komplek perumahan Pondok Indah !"
" Manaeun bumina Inul ?" Kohir langsung nyamber nanyakeun imahna Inul, lantaran basa nongton hot gosip di tivi imah Inul anu harga miliaran ayana didinya.
" Puguh pagigir gigir pisan, malihan upami nuju nyalse, mba Inul sok ngahaja ka abdi miwarang nyiaran !"
" Baruk !"
" Lah lumayan gaduh side job, margi upami kenging sok diartosan, kenging kuar sok dietang saratus rebu sasiki, atuh upami kenging kutu sok dietang lima puluh rebu sasiki !"
" Sakali nyiaran sok kenging sabaraha kitu ?"
" Lumayan kuar sok kenging lima, kutuna tilu siki, ari akang damel dimana ?" Sandra alias Odah malik tetelepek.
" Ah sadamel damel...pami dipercanten mah damel di Balai Penelitian Tongo jeung Tuma !"
" Di bagean naon kang ?"
Karek ge nek pok ngajawab, cekit sora erem nyiricit, jedak tarang Kohir anu legana sahektar nenggar tungtung jok.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger